Cinta
Salah Sambung
Dicaritakeun dina hiji waktu dina nalika liburan
panjang keluarga Mariam jeung dua anakna nu ngarana Ayu jeung Wulan nganjang ka imah nini na nu dikampung.
Ayu :
”ih mamah ieu teh tempat naon? meni
rarujit kieu”
Wulan :
”enya mamah meni ga ada sinyal kieu , atuh meureun mamah abi teh moal tiasa
fb-an, twitter-an, instagram-an, path-an,
kakaotalk, moal tiasa bm-an jeung update status”
Mariam :
”tong kukulutus wae atuh da mamah ge hoream sabenerna mah, ngan karunya si nini
bisi kaburu paeh. Bisi teu kabere warisan, sakituh tanah nakerna”
Nalika maranehna keur laleumpang bari ngarobrol Asep jeung
indungna nu keur di kebon ninggali Wulan.
Asep :
” euleuh-euleuh ema itu awewe meuni geulis pisan, jigahna mah ema itu teh bidadari
anu turun ti kayangan” (bari nepakan punduk indungna)
Ema :
” Asep ari maneh kunaon? Meuni asa riweh kituh puluhak-polohok, ninggali naon
ari maneh jigah nugelo sura seri sorangan?”
Asep : ” itu ema meuni geulis pisan,
asa karek nempo, kulitna meuni bodas mulus kitu”
Ema :
”ah awewe jigah naon make baju teu anggeus kitu, puluhak-polehek,
bulekak-belekek
si Asep teu nyahoeun yen awewe eta teh incuna nini Rukmini, anu
imahna tatanggaan jeung imah si Asep.
Teu lila tidinya maranehna nepi ka imah nini Rukmini.
Mariam : “tah ieu Wulan Ayu imah nini maneh teh”
Ayu : “alah mamah imahna jigah
saung rek runtuh”
Mariam : “sut tong kitu, kitu-kitu oge tanah
na loba”
Wulan : “mamah meureun abi engke bobo cantik digegelan reungit”
Mariam : “ah pira oge sapuluh poe da moal
lila”
Ayu,
Wulan : “what sapuluh poe, aduh mamah
bisa-bisa mati konyol”
Mariam :
“assalammualaikum”
Nini : “wallaikumsalam, aduh incu ema geus garede. Sok atuh ka jarero”
Ayu
: “ih meni bararau kieu
tara beberes kitu ieu teh?”
Nini
: “maklum atuh neng da enin mah geus kolot, dek saha nu pangbebereskeun na ge
da enin mah hoream cape”
Mariam : “ehh tong kitu inget warisan” (bari
ngaharewos jeung ngicepan)
Di lain tempat Bailk metik, Asep ngobrol jeung indungna.
Asep : “ema lain ka si nini teh lain
aya semah? Geus datang kitu nya?”
Ema :
“oh enya Sep, ema teh poho. Ah engke geus solat magrib mah urang kaditu bisi geus
aya”
Asep
: “naha atuh ai ema meni
pikun-pikun teuing”
Ema
: “hus ulah kitu ka kolot
teh maneh mah pamali, kitu-kitu ge
indung maneh”
Asep
: “hampura atuh ema da
heureuy”
peutingna ema jeung Asep
ka imah nini Rukmini.
Asep
: “assammualaikum”
Ayu
: “nin eta saha? Boa-boa
maling?”
Wulan : “naha nya oon-oon teuing Ayu
mah piraku aya maling salam heula”
Nini
: “hus lain kalakah paguntreng wae, jig gera buka pantona da moal nanaon paling
ge si Asep rek nganjang.
Ayu
: “ah embung sieun di
bunuh”
Di luar Asep ngobrol jeung ema na bari nungguan panto dibuka.
Asep :
“ema naha nya panto na teu dibuka wae? Hayu ah urang balik we bisi geus parereum”
Ema
: “tong kitu atuh jang, da
gararandeng keneh piraku wayah kieu geus sarare”
Tuluy wulan mukakeun panto.
Asep
: (molohok) “eleuh ema
gening incu si nini teh bidadari kayangan”
Wulan :
“naon sih maneh bidadari kayangan dari Hongkong, rek naon maneh kadieu? Rek maling
nya? Atawa rek ngarampok?”
Ema :
“eh maneh budak pulahak-pelehek! Gagabah pisan budak teh! Neng teh budak si
Mariam nya?”
Asep : “ehh ema tong ambek-ambekan
atuh ka calon pamajikan Asep”
Ema :” eling Asep dadekanan ka
budak sigah kitu”
Wulan :” urang oge teu sudi ka lalaki
jigah kitu kamseupay eoh”
Nini : “saha wulan ? sok piwarang
kalebet lain kalakah cicing di lawang panto”
Wulan : “enya nini bawel”
Tuluy Asep jeung emana asup
bari ngasongkeun cau sasikat jeung ranginang nu dibawa ti imah na.
Ayu :
“ihh naon eta meni jigah kitu, steril teu eta teh? Boa-boa kuman hungkul komo
geus dicabak ku ema eta mah”
Mariam : “heh neng tong kitu atuh, inget!”(bari
dikiceupan)
Tidinya maranehna tuluy ngobrol, geus kitu Asep balik.
Asep :
“ema peuting tadi Asep ngimpi naon nya bisa papanggih jeung bidadari kitu, ih
ema eta kulit na meuni herang, mata na cureuleuk, irungna mancung, rambutna
hideung meles. Ninggali na ge embung ngiceup-ngiceup”
Ema : ”ah maneh mah sok
kaleuleuwihan, ngaca atuh jang batur mah urang kota”
Asep
: “ah ema mah”
Tuluy maranehna sarare.
Isuk na jam 5 subuh, nini na ngahudangkeun Mariam jeung anak-anak
na.
Nini : “nyi hudang! Geus jam 5,
moal sarolat subuh?Buru ieuh!
Mariam : “naon atuh ari ema ah tunduh keneh.
Ke we jam dalapan hudangkeun deui”
Nini : “astagfiruloh.. sok kieu kalakuan maneh teh?”
Wulan : “ah enin mah ngaganggu pisan”
(gigisik bari indit ka cai)
Ayu : “naon da enin si mamah mah
hudang na ge jam 10 tara solat-solat acan”
Mariam : (bari nyiwit si ayu)”enya ema
ayeuna indit ka cai” ( bari jejebris)
Sanggeus tuang isuk-isuk, Ayu jeung Wulan dititah ku nini na
ngumbah wadah ka wahangan.
Ayu : “embung atuh nin, maenya
geulis-geulis ka wahangan menii ngerakeun”
Nini :
“eh cu, si Mariam mah baheula isuk keneh teh geus indit ngarambet ka sawah.
Ayeuna we kitu soteh sanggeus kawin ka bapa maneh”
Mariam :
“naon atuh Mariam-mariam ari ema, ayeuna mah nyebut na Merry atuh meh gaul
saeutik”
Nini :
“na ari maneh ngaran saalus-alus hayang diganti ku meri. Sakitu geus meunang
ngabubur bodas jeung bubur beureum”
Mariam :” ih si ema mah! Lain meri, tapi
Merry ema, Merry! Gaul atuh”
Nini : “ah kuma maneh we nyi”
Bari jejebris, Ayu jeung Wulan indit ka wahangan bari leungeunna
nutupan ceulI.
Di wahangan
Wulan : “Ayu, maneh engke nya nu
ngumbahna, da Wulan mah enggeus nu mawa na”
Ayu : “ah embung babarengan we
pira mawa da nitah na ge ka duaan”
Kaparengkeun maranehna keur ngarumbah wadah, Asep jeung Lilis
ngaliwat dek indit ka kebon.
Lilis : “akang?”
Asep : “naon neng?”
Lilis : “kang tinggali ieu acuk
Lilis anyar, sae teu?”
Asep :
“oh? Anyar neng? (bari panon na ninggali Wulan jeung Ayu nu keur di wahangan)
Asep :”Geulis pisan... meni jigah
bidadari teh nyaan”
Lilis :
“hah? Naon akang? Lilis teh geulis? Jigah bidadari deuih? Alah akang hate Lilis
meni bagja nguping na oge”
Asep : “maniss... lucuu... hitam
manis... rambut na hideung ngarumbay”
Lilis :
“naon akang? Da Lilis mah bodas, ditiung deuih! Teu ngarumbay-rumbay buuk! Ai
akang ninggali saha? Geulis-geulis bari teu melong ka Lilis? Puluhak-polohok
kitu, ninggali naon?”
Asep : “naon neng?”
Lili : “ninggal naon ai
akang?Akang! Akang?”
Asep : “tuh neng, tinggali”
Lilis : “oh enya akang kembang na
meni sae nya”
Asep :”
lain kembang eta neng, tuh tinggali itu incu si nini nu urang kota tea meni
matak resep, teu bisa ngiceup”
Lilis : “aduh akang panya teh ka
Lilis boro Lilis teh geus atoh”
Asep :
“sut ah gandeng! Jig indit ka kebon tiheula, akang mah rek ka si neng itu heula
sakedeung”
Lilis :
ari Lilis ditinggalkeun sorangan? Apan Lilis teh calon pamajikan akang,
bejakeun siah ka si ema”
Asep : “nya jug we kawin jeung si ema”
( bari indit )
Lilis : “akang.. akang.. ih si akang
meni tega”
Asep nyampeurkeun Ayu jeung Wulan.
Asep : “eleuh-eleuh neng.. keur
geulis teh meni getol”
Ayu : “naha nya si akang eta mah
datang wae ka urang, ari akang rek naon?”
Asep : “akang teh resep ka neng teh
komo ka neng ieu mah”(bari nyiku ka wulan)
Wulan : “ih naon sih GJ pisan!”
Ayu :
“hayu ah teh urang indit sieun didieu
mah”
Asep : “neng atuh da ku akang ge moal
di kukumaha”
Dina nalika wulan leumpang sanggeus sababaraha lengkah, Wulan tiseureudeut.
Ngan katahan ku si Asep, tidinya papelong-pelong, tuluy ngereteg dina hate na “geuning..
si akang kampungan ieu teh kasep”
Wulan : “ih! Naon sih maneh cugap-cagap
ka urang!”
Asep : “astagfiruloh” (bari
ngaleupaskeun Wulan nepika labuh)
Wulan : “aawww.. nyeri ari akang”
Asep : “har ituh, omong ceuk neng
ulah nyabakan”
Ayu : “ih si teteh mah sok jaim,
hayu buru urang balik”
Dilain tempat, barang nepi ka kebon, lilis langsung ngadu ka ema
na si Asep
Lilis : “mitoha.. mitoha,, tulungan
Lilis”
Ema : “eleuh kunaon neng? Labuh?
Digegel oray?”
Lilis : “itu ema si Asep direbut ku
nu garelo sebel da!”
Ema :
“astagfiruloh budak ema ku nu gelo? Nu gelo mana? Duh anak ema ngan hiji-hiji
na teh
Lilis : “ih si ema mah, lain ku nu
gelo asli. Tapi tuh ku urang kota nu cumentil tea!”
Ema :
“ohh.. ngomong atuh. Eleuh-eleuh eta meni katutuluyan,da ema oge teu resep”
Ninggali indung si Asep teu resepeun, si Lilis mangfaatkeun
kaayaan.
Lilis :
“ema, kumaha lamun Lilis teu jadi kawin jeung si akang? Apan ema teh jangji rek
ngawinkeun Lilis jeung si akang.
Ka isukanana, isuk-isuk keneh indung na ninggali si Asep mamawa
rantang.
Ema : “Asep! Rek kamana? Tara-tara
wayah kieu geus kasep, mamawa rantang deuih”
Asep : “ah si ema mah kepo, ieu mah
urusan budak ngora”
Ema : “kade siah! Lamun manggihan
awewe cumentil urang kota tea!”
Asep repeh bari indit, barang jol ka imah nini Rukmini, nyampak
aya Lilis keur kukulutus ka Wulan.
Lilis :
“heh urang kota! Tong ngadekeutan wae si akang? Si akang mah nu Lilis, ceuk si
ema ge rek dikawinkeun jeung Lilis”
Wulan : “eleuh-eleuh si akang saha ari
didinya?”
Lilis : “si akang Asep, nu
pangkasepna sakampung ieu”
Wulan : “Asep? Oh si akang jelipung teh
ngarana Asep?”
Ayu : “haha, jelipung”
Lilis : “awas nya maneh!”
Asep : “ehh Lilis! Nanaonan ai Lilis
didieu? Popolotot ka semah?”
Mariam : “naon atuh ieu teh meni gararandeng
pisan”
Wulan : ”itu mah”
Nini : “na.. ari nu ngarora parasea
wae pagawean teh”
Teu kanyahoan, indung na si Asep teh nuturkeun Asep ka imah nini Rukmini.
Ema :
“keur naraon ieu teh? Asep tuh kan maneh mah kadieu ceuk ema oge teu beunang di
carek pisan budak teh”
Lilis : “enya tah ema kang Asep mah
bogoheun ka si itu tuh!(bari nunjuk ka wulan)
Kamari ge cenah nyebut bidadari”
Ema :
“Asep...! ema mah tidak setuju, maneh kawin teh jeung awewe cumentil eta,
tinggali atuh papakeana oge kaluhur sieun ku guludug, kahandap sieun ku cacing.
Mending keneh ka si Elis, anak juragan enteh”
Mariam :
“euleuh-euleuh saha oge anu daek bebesanan jeung urang kampung, pan kadieu
sateh niatna oge hayang warisan hungkul”
Nini :
“euleuh naon eta teh Mariam, hayang warisan hungkul pantes atuh tara-tara daek
di titah datang kadieu”
Mariam : (ngaharewos ka wulan) “alah siah
kaceplosan”
Nini : “teu nyangka ema mah Mariam ka
maneh, gening” (bari beungeut ambek)
Mariam :”henteu ma”
Nini : “kacida boga budak ngan hiji
hiji nateh kecewa ema mah Mariam”
Mariam : “ah ema mah sok gampang ngambek”
Nini :”lain kitu Mariam, da maneh
mah teu nyaah ka ema,matak kitu ge”
Mariam : “piraku ema ka kolot teu nyaah “
Nini :
“buktina maneh mah datang ka diieu teh ngan dek nyokot warisan hungkul”
Mariam : “lain kitu atuh ma, ngameh barudak
teu salah paham we”
Nini :
“alah siah paingan basa peuting tadi ngaromongkeun warisan, surat tanah. Teu
nyangka ema mah. Da maneh mah moal kabagean warisan, pan geus dibere sawah basa
itu”
Pas keur parasea datang Elis kabogohna si Asep.
Asep : ”Elis iraha dongkap?”
Lilis : ”naon akang Lilis mah
titatadi ge didieu”
Elis langsung salam ka ema jeung ka si Asep
Ema :
” euleuh minantu ema geus balik, engke ema jeung Asep nepungan si apa ka imah”
Elis : ” muhun ema, ieu teh nuju
naraon?”
Nini : ”eta saha Asep?”
Ema : “ieu teh pipamajikanneun si
Asep”
Nini : “oh anu basa itu tea, atos
tamat neng sakolana?
Elis : “alhamdulilah nin”
Nini :
“nya atuh ari geus beres mah sakola, buru-buru geura kawin bisi kaburu ku batur”
Lilis : “ema ongkoh ema teh jangji
rek ngawinkeun si akang jeung Lilis”
Ema : “ah iraha?”
Mariam : “nin atuh nin ieu baju-baju Merry
dek dikamankeun?”
Nini : “jig we balik da warisan mah
dek di ka si Asepkeun” (bari ngasongkeun kantong)
Wulan :
“atuuh daek ka si akang teh ari kitu mah, pan kamari urang diwahangan tos
jadian nya akang. Emut teu?”
Asep :
“lain jadian kamari mah ngan nulungan we karunya. Nyebut geulis soteh pedah
mirip si Elis”
Ayu : “haha si teteh watir”
Nini :” jig gera baralik”
Mariam : “ema tega nian” (bari indit marawa
koper)
Lilis : “akang ari Lilis kawin jeung
saha atuh”
Asep : “tuh si Jiwo jomblo keneh”
Lilis : “saha akang Jiwo teh?kasep
teu?”
Ema : munding si Asep eta mah Lis”
Geuning sabenerna mah si Asep teh geus boga calon pamajikan,
ngahereyan urang kota teh sabab mirip si Elis. Tapi si Lilis ngarasa ka geeraan
sabab si Asep sok Elis-elisan.
Komentar
Posting Komentar